06/09/2015
Rasa deudeuh jeung kaheman, ayeuna kantun lamunan manteng dina sagara katunggaraan rasa
Asih urang nu pinuh ku sagara kabagjaan, kiwari jadi sagara tunggara nu pinuh ku lelewa tur kahoncewang marengan rasa.
Cinta urang ngahiyang di awang-awang, enteup dina ketipna bentang, Ngancik na kamalirna peting, marengan linduhna bulan, ngupahan hate gudawang nu kaleleban.
Duh.. Kakasih ati panutan kolbu, masih kagambar, waktos salira kedal ucap, karep renghap nyacapkeun ka teresna asih, nu Nyangsaya dina pangkonan, teuteup seukeut nembus jajantung Imut manis arum kalbu, pagulungan na pangrungrum, Jumerit maratan langit, ngoceak maratan mega neuteup salira nu pias sakujur tangtung.
Teunyana imut salira, imut anu panungtungan nungkebkeun langit, nangkarakna jagat di rangkul diambung, sasambat hujan cimata, pegat katresna.
Salira teuing ku manis, nutup panon moho tibra salawasna
Titis tulis ti ajali, kadar tipangeran, asih urang dipisahkeun ku tali pasti, cinta urang di anggangkeun kuayana kadar. hirup hurip jeung patina, bagja tur cilakana eta kabeh kunu kawasa.
Bral miang kakasih.. Ranggeuyan kadeudeuh, gagang kaheman, Kembang asih kembangna carita pileuleuyan kembang katresna narawangan, Muga pinanggih jeung bagja, kenging pinasti tigusti nu maha wening. Ditampi sucining sukma, naratas jalan nu nyacas manjing sawarga nu sampurna. Cinta katresna ka salira, milu miang ka alam nu endah keur salawasna..
by:dewonβs